SD

waktos teh meni asa enggal kalangkung. tos 20 tahun abdi teh hirup di dunya. bodas-hideung, leres-lepat, ceurik jeung seuri tos seueur kaalaman ku singkuring. dina sakitu loba pait-amis hirup, aya sababaraha kajadian anu ku singkuring teu tiasa dihilapkeun, utamina perkawis kalepatan. maklum, masih suasana lebaran, janten abdi teh ayeuna cariosna bade ngadamel sarupa pengakuan dosa. mugia saderek sadaya tiasa metik pelajaran.

anu kahiji, singkuring bade nyarita perkawis babaturan basa SD. manawi baraya emut keneh, ka Didi Kurniawan. leres, didi teh sobat urang anu cerdas, polos, jujur, humoris, babakti ka kolot, tur teu eraan tea gening. anu sok disebat wawan. wanci kahiji wawan ku singkuring kenal, upami teu lepat mah pas kelas 4 atawa 5. anjeunna ngenalkeun maneh yen wawan teh kawitna ti bogor, mung ngalih ka limbangan (lembur singkuring) sareng kulawargana. ari pek teh, wawan linggihna di bumi pa lurah sukri, percis di palih katuhu bumi abdi. saatos terang kitu, lami2 abdi teh sering gaul sareng wawan. wawan teh putra kahiji, raina aya anu namina dedi, wita, sareng dodi. ramana, icalan bajigur, biangna calik di bumi, ngurus dodi anu waktos eta teh masih 5 taunan. waktos eta teh nuju usum kaulinan maen kaleci, abdi sareng wawan osok maen babarengan. kawitna mah nya, c wawan teh kaasup anu can jago maen kaleci na teh, mung gening budak eta mah kaasup cerdas, enggal ngartos tur tiasa kana sarupaning perkara anyar. kitu oge mun maen bal, di awal2 mah maenna rada kaku, tapi teu kungsi lami jadi rada jago. di sakola, wawan kaasup budak nu dipikaresep ku babaturan. dipikaresep so teh da wawan awakna leutik, rarayna rada mirip dono.hehe. kadang2 sok otel sareng novi, pakeleketek-keletekek. kumargi gaduh salira anu ngadukung, teu sakedik barudak anu ngaheureuyan wawan, kaasup singkuring. aduh singkuring asa sedih mun ngemut2 perkawis ieu. hiji mangsa, wawan disaur ku bu enden ka payun kelas, nyandak buku ulangan pami teu lepat mah. ari pek teh, di bangku payun, bau hitut. wawan anu nuju papah ka payun, langsung dituduh ku barudak sakelas, kaasup abdi anu calik di pengker. kabayang ku abdi kumaha beureumna raray wawan, raray anu teu gaduh lepat, anu ngabela maneh, tapi teu aya anu ngadukung. bakat ku hoyong ngabuktikeun, wawan dugikeun ka nyodorkeun bujurna ka barudak, "sok ambeuan teu percaya mah," tantangna. teras aya we hiji budak anu nyodorkeun beungeutna nyaketan bujur wawan, saha nya abdi ge hilap deui. sanggeus ngambeu, c budak eta ngaku yen enya cenah bau. tapi abdi mah yakin yen wawan henteu hitut, kapelong atuh tina rarayna. budak anu ngambeuan eta, jelas mitnah wawan. mung rek kumaha deui, kabeh sakelas nyurakan wawan, nepi keun ka bu enden mamatahan wawan yen kudu sopan hareupeun guru, ulah hitut. abdi asa dosa, bet henteu wani ngabela. terus, kadang abdi sareng ende waktos eta sok ngaheureuyan wawan, nyontokeun bapana anu nawaran bajigur hampir tiap wengi. "gurbaji," kitu saur abdi sareng ende, nurutan bapana wawan anu sok jualan bari nawarkeun bajigurna. abdi nembe sadar yen eta lepat saatos wawan tebih. wawan teu lami calik di limbangan, saacan abdi lulus SD ge wawan sakulawargi tos angkat deui ka bogor. mun teu lepat mah, saatos pak lurah pupus, kumargi saurna diracun sareng dirampog di bis ti bogor ka limbangan, wawan sakulawargi uih deui ka bogor. mung abdi teu terang dimana bogorna, dugikeun ka ayeuna. mun tea mah abdi pendak ayeuna jeung wawan, asa hoyong nangkeup manehna. hoyong nyungkeun dihapunten kana sagala kalepatan abdi. mugia Gusti ngahapunten sagala kalepatan abdi.

anu kadua, carita singkuring perkawis tukang roti, masih di SD. caritana waktos eta teh abdi tiap istirahat osok jajan roti anu ditanggung tea gening, basa eta mah seueur nu ngical di terminal. saking ngalanggan, si emang nu ngical roti teh dugi ka kenal ka abdi. anjeunna apal yen abdi putrana pak ahmad, guru SMA Limbangan. hiji mangsa, abdi diajak bapa ka SMA, ngiring bapa ngajar. abdi emut keneh kelas anu waktos eta ku abdi disumpingan. kelasna teh anu rada dipengker, kelas bagean siang. di lebet kelas, abdi emut keneh, aya tabel periodik unsur, organigram, bor anu masih nganggo kapur. sementawis bapa nerangkeun, abdi gagambaran dina bor, dugikeun ka pas bapa bade nyerat, kapurna seep. kapaksa atuh bapa nyandak kapur heula. tah, sementawis bapa nyandak kapur, abdi dikantun di kelas, diheureuyan ku murid bapa. pas abdi ningali ka kumpulan murid bapa, aya hiji wajah anu ku singkuring kenal. ari pek teh si emang tukang roti di SD. anjeunna seuri ka abdi. rarayna abdi ayeuna tos hilap, mung abdi emut si emang teh rambutna rada ikal. abdi hilap kelas sabaraha waktos eta teh, mung abdi emut, basa eta abdi ngiringan ekstra kurikuler pramuka. abdi hilap deui saha anu ngalatih pramuka. mung hiji mangsa, abdi teu sumping ka hiji pertemuan. enjingna, abdi naros ka babaturan, kumaha latihan kamari. saurna anu ngalatih teh kakak anu osok icalan roti. singkuring ge asa teu percaya, tukang roti teh tiasa ngalatih pramuka gening. pas isukna abdi pendak deui sareng tukang roti, abdi nyarios kieu kira2, "mang ngalatih pramuka?" abdi hilap deui kumaha reaksi si emang, tapi sanggeus kajadian eta, si emang roti teu icalan di SD deui, duka kamana. subhanallah, budak SMA, bari sakola, bari icalan, roti deuih, ditanggung deuih, jarang2 aya budak anu daekan siga kitu. terus terang abdi salut ka si emang. tapi abdi teras kaduhung, kumargi sigana, gara2 pertanyaan abdi tadi, si emang kasinggung, janten teu wani icalan di SD deui kulantaran isin. ngalatih pramuka ge henteu deui si emang teh. abdi asa dosa pisan ka si emang eta. hoyong teh nyungkeun hapunten. abdi tos tataros ka bapa, manawi bapa kenal ka muridna anu eta, mung hanjakal, bapa teu terangeun. mugia emang roti sing aya dina lindungan Gusti, mugia hirupna berkah dunia-akherat.

ti dinya, abdi hoyong janten jalmi anu tiasa ngontrol diri sareng cariosan. waktos SD, abdi hoyong siga ridwan, bageur, polos, langganan majalah bobo, mun diajak sasapedahan sok daekeun.hehe. waktos SD oge, abdi hoyong siga ega, jago maen gitar, cerdas, dipikaresep babaturan. waktos SMA, abdi hoyong siga Anton, teu seueur carios, efektif, disiplin. mung sakumaha keukeuhna nyontoh batur, da tetep we urang mah boga sipat sorangan, anu pasti aya leuwih jeung kurangna. abdi emut hiji episode bangorna budak SD anu ku singkuring dialaman jeung anton. basa kelas 6 mun teu lepat mah. poe eta teh rek dibagi rapot. bari nungguan rapot dibagi. barudak sakelas maraen bal di alun2. deukeut alun2, aya rental PS. abdi jeung anton nyewa weh, satengah jameun. salila maen, abdi jeung anton bari luak-lieuk ka lapang, bisi barudak nu maraen bola tos balubar. sababaraha menit awal, nu maen bal araya keneh, ngan abdi jeung anton kaantengan maen, pas ninggal ka luar, nu maen bal tos teu araya. langsung we eta mah sanggeus mayar teh lumpat sateker kebek ka sakola. pas nepi ka sakola, nuju dibagi rapotna. bari rapotna dibagi, bu guru mamatahan, saurna tong seueur teuing ameng. subhanallah, sakitu gedena nikmat Gusti ka abdi, boh nikmat ilmu, nikmat memori, nikmat babaturan, loba. nikmat tuhanmu yg mana yg hendak kau dustakan? (QS arrohman).

Labels: